Mun pantun teu di kacapi,
nongtoréng palebah langgar,
Mun ngintun henteu ka abdi,
nya goréng ulah ka tangar.
Saung Sisindiran Kang IsMaya
'Awon anu kapi unjuk ieu mung tawis micinta'
Rabu, 19 Februari 2014
Jumat, 13 Desember 2013
kadé hilap
Dipaut sematna pindang
dibuka kertasna belang,
Di dieu ngan ukur sindang
nya kadé hilap ka mulang.
dibuka kertasna belang,
Di dieu ngan ukur sindang
nya kadé hilap ka mulang.
Selasa, 19 November 2013
hoyong cikopi
Ti Badar balik ka kampung
boyongan rubuh diringkus,
Kakelar nambahan bingung
kahoyong pinuh ku napsu.
Akang pisan hoyong cikopi hehe..
boyongan rubuh diringkus,
Kakelar nambahan bingung
kahoyong pinuh ku napsu.
Akang pisan hoyong cikopi hehe..
Pundung
Pundung teh ulah lami lami teuing aceuk, ih....
Damar jangkung hareup saung
caangna mung ka nu jauh,
Kamar suwung ku nu pundung
neangna rek subuh-subuh.
Damar jangkung hareup saung
caangna mung ka nu jauh,
Kamar suwung ku nu pundung
neangna rek subuh-subuh.
Kade ah
Ka Kepuh mamawa gantar
meuli kutang sareng beha (ih, asa sami)
Ka Sepuh ulah tambelar
bilih urangna tideuha..
Rabu, 17 Juli 2013
Emaaa hiks
Barang antik di elapan
Ka Dago balik ti Braga.
Hayang ceurik jejeritan
Kabogoh diculik Duda.
Jeung kanu Mio deuih,
Euleuh meni naplok ci Yayang....Emaaa hiks
Ka Dago balik ti Braga.
Hayang ceurik jejeritan
Kabogoh diculik Duda.
Jeung kanu Mio deuih,
Euleuh meni naplok ci Yayang....Emaaa hiks
Langganan:
Postingan (Atom)