Sabtu, 17 Desember 2011

_Cangcaya_

:keur Anjeun 

'mun kongang ieu Purnama
sina nampeu

na raray hate Anjeun
nu meredong jungkrang tepi cekas 
katingal dasarna.

didinya
Naha enya aya amparan batu nemprak
anu ngeplak
jeung nyatet pageuh ngaran kuring?

cenah endah
menang natah ka Asih
jeung cipruk ibun kaheman pating karelip

na tiap usik jeung renghap Anjeun
heunteu reureuh
migandrung tresna kuring! '

citra'2011

Jumat, 16 Desember 2011

_Wilujeng Sumping_

' Wilujeng Sumping tresna
  Sumangga linggih
  mugia betah tur tumaninah
  sempal guyon 
  ngahariringkeun hirup jeung hurip
  di tepas saung sim abdi nu laip '

_Sisindiran_

Sisindiran,
asalna tina kecap sindir, anu ngandung harti omongan atawa caritaan anu dibalibirkeun, henteu togmol.
Luyu jeung éta, dina sastra Sunda anu disebut sisindiran téh nyaéta karya sastra nu ngagunakeun rakitan basa kalawan dibalibirkeun.
Dina sisindiran, eusi atawa maksud anu dikedalkeun téh dibungkus ku cangkangna. Wangunan sisindiran téh kauger ku purwakanti, jumlah engang dina unggal padalisan, jeung jumlah padalisan dina unggal padana.
Ku kituna, sisindiran téh kaasup kana wangun ugeran (puisi).
Upama ditilik tina wangun jeung cara ngébréhkeunana,
sisindiran dibagi jadi tilu golongan nyaéta:
1) rarakitan; (2) paparikan, jeung (3) wawangsalan.
Ditilik tina eusina, rarakitan jeung paparikan bisa dipasing-pasing jadi tilu golongan, nyaéta: (1) silihasih; (2) piwuruk; jeung (3) sésébréd.
Conto sisindiran:
aya listrik di masigit,
caangna kamana-mana.
aya istri jangkung alit,
karangna dina pipina.

_Rarakitan_

Rarakitan,
nyaéta salasahiji wanda sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi.
Éta cangkang jeung eusi téh pada papak di puhuna (mindoan kawit).
Salian ti éta, antara cangkang jeung eusi téh kudu sasora sarta murwakanti engang panungtungna dina unggal padalisan (laraswekas).
Tapi laraswekas dina sisindiran mah, aya kalana laraswekas anu kaselang heula, siga pacorok.
Ari jumlah engangna dina unggal padalisan aya dalapan engang.
Jumlah padalisan dina sapadana mangrupa bilangan jangkep;
satengahna cangkang jeung satengahna deui eusi.
Kiwari anu populér téh anu sapadana diwangun ku opat padalisan:
dua cangkang jeung dua eusi.
Contona:
Mihapé sisir jeung minyak,
kadé kaancloman leungeun.
Mihapé pikir jeung niat,
kadé kaangsonan deungeun.

_Paparikan_

Paparikan
nyaéta wangun sisindiran.
Kecap paparikan asalna tina kecap ”parék” anu hartina ”deukeut”.
Paparikan diwangun ku cangkang jeung eusi, anu padeukeut sorana, sarta murwakanti laraswekas dina unggal padalisanna.
Ari jumlah padalisan dina sapadana, kudu jengkep: dua, opat, genep, dalapan, jst. Satengahna tina jumlah padalisan téh cangkangna, satengahna deui eusi.
Ari réana engang dina unggal padalisan umumna dalapan engang.
Contona paparikan:
Boboko ragrag di imah,
Ninggang kana pileuiteun
Mun bogoh montong ka sémah
Ari anggang sok leungiteun.
Paparikan di luhur diwangun ku opat padalisan;
dua cangkang, dua eusi.
Padalisan kahiji dina cangkang, padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalisan kahiji dina eusi.
Padalisan kadua dina cangkang padeukeut sorana sarta murwakanti tungtungna jeung padalian kadua dina eusi.
Upama nilik kana eusina, paparikan bisa dipasing-pasing jadi:
paparikan silihasih, paparikan piwuruk, jeung paparikan sésébréd.

_Wawangsalan_

Wawangsalan
nyaéta sisindiran anu diwangun ku cangkang jeung eusi.
Dina sindir diwangun deui ku cangkang jeung wangsal.
Anu dijieun wangsalna téh tara ditétélakeun, tapi kudu ditéangan tina bagian eusi. Wangsal téh sok murwakanti jeung salah sahiji kecap anu aya dina bagian eusi téa. Nilik kana wangunna, wawangsalan téh diwangun ku dua padalisan:
sapadalisan sindir, sapadalisan deui eusi. Jumlah engang dina unggal padalisan nyaéta dalapan engang.
Umumna eusi wawangsalan téh ngeunaan silihasih, cinta atawa birahi. Contona:
Belut sisit saba darat,
Kapiraray siang wengi.
(Maksudna: oray)
Jukut jangkung pipir gunung,
Hate abdi panas peurih.
(Maksudna eurih)

_Nami Kembang_

Kembang Awi: Eumbreuk
Kembang Bako: Bosongot
Kembang Bawang: Ulated
Kembang Bolang: Ancal
Kembang Boled: Tela
Kembang Cabe: Bolotot
Kembang Cau: Jantung
Kembang Cengek: Pencenges
Kembang Cikur: Jelengut
Kembang Eurih: Ancul
Kembang Gedang: Ingwang
Kembang Genjer: Gelenye
Kembang Hoe: Bubuay
Kembang Honje: Comrang
Kembang Jaat: Jalinger
Kembang Jambe: Mayang
Kembang Jambu Aer: Lenyap
Kembang Jambu batu: Karuk
Kembang Jarak: Uing
Kembang Jengkol: Merekenyenyen
Kembang Jeruk: Angkruk/angkes
Kembang Jotang: Puntung
Kembang Kadu: Olohok
Kembang Kalapa: Suligar
Kembang Kaso: Curiwis
Kembang Kawung: Pengis
Kembang Koneng: Badul
Kembang Kulur: Pelepes
Kembang Laja: Jamotrot
Kembang Leunca: Pengit
Kembang Limus: Seleksek
Kembang Lopang: Cacas
Kembang Muncang: Rinduy
Kembang Pare: Ringsang
Kembang Peuteuy: Pendul
Kembang Salak: Sedek/gojod
Kembang Sampeu: Dingdet
Kembang Taleus: Ancal
Kembang Tangkil: Uceng
Kembang Terong: Moncorong
Kembang Tiwu: Badaus
Kembang Waluh: Alewoh