Sabtu, 27 Oktober 2012

sarundeng

sarundeng ti purwakarta
matak ponyo dugi nambih,
Ngarendeng pinuh ka cinta
matak sono silih asih.


mending ge manggulan suluh
batan kudu nyeterika,
mending ge mayunan musuh
batan kudu putus cinta.


Marga Asih Marga Cinta
Jakapurwa Pandan Wangi,
Mun miasih jeung micinta
geura teang atuh abdi.

anak kuya

Anak kuya anak bulus
ukur katingal tonggongna,
Entong era mun teu tulus
puguh teuaya jodona.


Kamari aya di tonggoh
Ayeuna aya di landeuh,
Kamari papada bogoh
Ayeuna papada deudeuh.


Samping lurik nu ti tasik
Jalaprang kembang garutna,
Anu calik ulah belik
Akang ka gembang imutna.

menak dalem kaum

Kawas menak dalem kaum
meser limun jajan baso,
Kawas enak mun ngalamun
ngalamun mun gaduh bojo 


Upami neuteup cangkang kupat
sok ras inget ka lebaran,
Upami inget sagala lepat
ras inget ka babaturan.


Ti Cihideung ka Cicadas
Mawa Iwung jeung Awina
Mitineung nu jangkung bodas,
Hariwang pindah asihna

kareta api ti bandung

Anak kuya anak bulus
ukur katingal tonggongna,
Entong era mun teu tulus
puguh teuaya jodona.


Kamari aya di tonggoh
Ayeuna aya di landeuh,
Kamari papada bogoh
Ayeuna papada deudeuh.


Rancaekek Cicalengka
Kareta api ti Bandung,
Mun daek geura balaka
Entong api-api embung.
 

dina pipiti

Lamun udang di sarundeng
kapiting rek di suiran,
Mun urang bisa ngarendeng
ti peuting rek sisindiran.


Osok sieun kahujanan
poe ebi na pipiti,
Osok sieun kaedanan
hate abdi mun teu jadi.

Jumat, 26 Oktober 2012

tibelat


Laukna mani karumpay
Di wahangan ting kocépat,
Buukna mani ngarumbay
Di sawang matak tibelat!



Banjarsari pamidangan
Dinten sonten Sindangrérét,
Kunyari mani teunangan
Nu hideung santen na rérét!
  
Cimanggung gunung manglayang
susu sapi di bulengan,
gering muyung ku malayang
rasa nu ka bungbulengan.

jalan cagak

Ngala leunca jeung surawung
ku anggang balikna ripuh,
Aya béja enggeus nanjung
ngan ulah hilap ka sepuh.



Jeruk purut Daun waluh
Di beungkeut talina kawat,
Mun nurut Papatah Sepuh
Salamet dunya aherat.

Dina Péta jalan cagak
Dituturkeun leres baé,
Harta banda teu di candak
Nu di bantun amal saé.