Kamis, 22 November 2012

Silaturahmi

:
Ti Cianjur rek ka Bandung
Reureuh heula di Cimahi,
Jeung dulur hayang ngariung
Mageuhkeun Silaturahmi.

Rabu, 07 November 2012

ka Bandung


Ka Bandung ka jalan braga
sapayung basa keur sore,
Kabingung moal teuaya
satungtung teu boga gawe.


Ka Bandung ka jalan jawa
mawa saron sareng goong,
Bingung jawabna kumaha
aya Enon ngajak ngomong.

Minggu, 04 November 2012

Kapinis

Kapinis eunteup na eurih
belut sisit ti sagara,
nu manis nyieun kapeurih
beut mundut kapal udara
 

padahal sorena alum
ka padang ka bukit tinggi,

Padahal dibere setum

ka akang kalakah jebi