Selasa, 18 Desember 2012

Moyan

Pasar antri pasar luhur
Pasar rame sisi jalan,
Da teu ngarti nu diluhur
matak rame nu keur moyan....he he..

Manuk manyar

Manuk manyar dina eurih
bincarung eunteup na tehel,
Nu anyar nyieun kapeurih
kaduhung miceun nu heubeul.

Minggu, 16 Desember 2012

Muyung

Cihaliwung pasirkuntul
katonggohna pasirhaur,
Abdi muyung huleng jentul
kabogoh digaet batur.


Budak leutik meuli sekrup
kapeutingan di jamika,
Duit leutik kudu cukup
nu penting pinuh kacinta.


Ka samarang ngadon ulin
asa hayang numpak sado,
Can kasorang Uing kawin
rumasa can pendak jodo.

Sono

Sarundeng ti purwakarta
beuki ponyo dugi nambih,
Ngarendeng pinuh ka cinta
beuki sono silih asih.


Laukna mani karumpay
Di wahangan ting kocépat,
Buukna mani ngarumbay
Di sawang matak tibelat

Lamunan

Cikapundung caina coklat
ngawawaas kota kembang,
Nu pundung abdi tibelat
ngahelas ieu kahayang.

  
Meuyeum cau sisi bilik
kintunan ti majalaya,
Malem minggu hujan leutik
lamunan kanu teu aya.


Katapang lebah tampian
dauna kana lahunan,
Patepang dina impian
jauhna jadi lamunan.