Jumat, 13 Desember 2013

kadé hilap

Dipaut sematna pindang
dibuka kertasna belang,
Di dieu ngan ukur sindang
nya kadé hilap ka mulang.

dulur


Ngintun cabé ka Cianjur
dipasihan sapipiti,
Lamun hadé reujeung dulur
di asih ku Maha Suci.

Selasa, 19 November 2013

hoyong cikopi

Ti Badar balik ka kampung
boyongan rubuh diringkus,
Kakelar nambahan bingung
kahoyong pinuh ku napsu.

Akang pisan hoyong cikopi hehe..

Pundung

Pundung teh ulah lami lami teuing aceuk, ih....

Damar jangkung hareup saung
caangna mung ka nu jauh,
Kamar suwung ku nu pundung
neangna rek subuh-subuh.

Kade ah


Ka Kepuh mamawa gantar
meuli kutang sareng beha (ih, asa sami)
Ka Sepuh ulah tambelar
bilih urangna tideuha..

Rabu, 17 Juli 2013

Emaaa hiks

Barang antik di elapan
Ka Dago balik ti Braga.
Hayang ceurik jejeritan
Kabogoh diculik Duda.

Jeung kanu Mio deuih,
Euleuh meni naplok ci Yayang....Emaaa hiks

Senin, 24 Juni 2013

Bising disangka kasep geura ah....


Mawa kaso nuar awi,
ngadekul nyieun galengan,
Ulah osok sura-seuri,
komo mun diuk sorangan.

Jumat, 12 April 2013

Kabagjaan

Ka Mekah sareng Madinah
silih tungtun sajajalan,
Kanyaah aya ku mernah
silih kintun kabagjaan.

Korek Api

Ti Walanda ka Singapur
dagang korék ka Korea,
Nyi Randa digaét batur
hayang méwék tapi éra.

Kaso

Lain tambang dina kaso 
tapi pita dina suluh, 
Lain akang henteu sono 
tapi soca entos tunduh,

Titiran

Titiran jeung cangkurileung
aya heulang reujeung manyar,
pipikiran meni lung-leng
boga hutang can kabayar

Béla

Tangkal saga sisi imah  
ti kulah tepi jandéla,  
Lamun jaga mendak bungah
ulah lali ka nu béla!

Jaga

Palang dada sisi sumur
Parigi pinuh ku huut,
Lamun jaga tepi umur
Mugia tinemu imut.

Milik

Samping hideung dinu bilik 
Salampak na pager kawat, 
Bujur hideung euweuh milik 
Kadupak nu lalar-liwat. beuh....

Sisindiran

Disuwiran na ayakan 
dikeureutan na talenan, 
Sisindiran gogonjakan 
raketkeun pinuh kahéman.

Kikinciran

Kikinciran tina awi
piriwit muter na kutang,
Pipikiran rasa abdi
berewit lieur ku hutang....

Pelak

Melak cabé sisi leuwi 
melak bonténg rada jauh, 
Melak hadé moal rugi 
melak goréng loba musuh.

Lenjang

Bibika jeung Putumayang 
Surabi tambih cipati, 
Duka saha anu lenjang 
Kamari panggih jeung abdi.

Ganteng

Kueh lapis jalabria
mawa putu jeung sekoteng,
Kumis ipis rada gaya
saha itu meni ganteng.

Jauh

Bongan jauh henteu deukeut 
Peré masih di rorompok, 
Bongan wawuh henteu layeut 
Haré-haré mun pa-amprok.

Baju beureum

Baju beureum baju hejo
ieu sinjang meni kusut,
Anu peureum ulah nempo
ieu akang bade nyumput.


Baju beureum


Baju beureum baju hejo
ieu sinjang meni kusut,
Anu peureum ulah nempo
ieu akang bade nyumput.

Jumat, 15 Maret 2013

Asal kapas

Asal kapas jadi benang
nu saena ti banjaran,
Asal ihlas tangtu senang
nu sae tong panasbaran,

Kahoyong


Kahoyong mah siga peueut
Kantenan pados kareueut,
Kahoyong mah tetep deukeut
Kantenan supados layeut.

Laper


he he...laper Lur ah...

Samping batik dina bilik
kabaya burkat geus tuhur,
Anu belik euweuh milik
berkatna dipaok batur.

Minggu, 13 Januari 2013

Karunya

Ka Huma kanu barala
sisi lamping panyingkiran,

Karunya nu ngarasula
bati gering pipikiran.

Wow xi xi xi...

Ucing belang-ucing hideung
nu hiris kalah na eurih,
Kuring melang-kuring nineung
nu manis kalakah tebih.

Gombal ah!

Ngali laja di Cimeta
di bantun ka Cihampelas,

Abdi seja mikacinta
kanu Jangkung rada bodas.