Jumat, 12 April 2013

Kabagjaan

Ka Mekah sareng Madinah
silih tungtun sajajalan,
Kanyaah aya ku mernah
silih kintun kabagjaan.

Korek Api

Ti Walanda ka Singapur
dagang korék ka Korea,
Nyi Randa digaét batur
hayang méwék tapi éra.

Kaso

Lain tambang dina kaso 
tapi pita dina suluh, 
Lain akang henteu sono 
tapi soca entos tunduh,

Titiran

Titiran jeung cangkurileung
aya heulang reujeung manyar,
pipikiran meni lung-leng
boga hutang can kabayar

Béla

Tangkal saga sisi imah  
ti kulah tepi jandéla,  
Lamun jaga mendak bungah
ulah lali ka nu béla!

Jaga

Palang dada sisi sumur
Parigi pinuh ku huut,
Lamun jaga tepi umur
Mugia tinemu imut.

Milik

Samping hideung dinu bilik 
Salampak na pager kawat, 
Bujur hideung euweuh milik 
Kadupak nu lalar-liwat. beuh....

Sisindiran

Disuwiran na ayakan 
dikeureutan na talenan, 
Sisindiran gogonjakan 
raketkeun pinuh kahéman.

Kikinciran

Kikinciran tina awi
piriwit muter na kutang,
Pipikiran rasa abdi
berewit lieur ku hutang....

Pelak

Melak cabé sisi leuwi 
melak bonténg rada jauh, 
Melak hadé moal rugi 
melak goréng loba musuh.

Lenjang

Bibika jeung Putumayang 
Surabi tambih cipati, 
Duka saha anu lenjang 
Kamari panggih jeung abdi.

Ganteng

Kueh lapis jalabria
mawa putu jeung sekoteng,
Kumis ipis rada gaya
saha itu meni ganteng.

Jauh

Bongan jauh henteu deukeut 
Peré masih di rorompok, 
Bongan wawuh henteu layeut 
Haré-haré mun pa-amprok.

Baju beureum

Baju beureum baju hejo
ieu sinjang meni kusut,
Anu peureum ulah nempo
ieu akang bade nyumput.


Baju beureum


Baju beureum baju hejo
ieu sinjang meni kusut,
Anu peureum ulah nempo
ieu akang bade nyumput.