Sabtu, 04 Agustus 2012

Tikukur

Lamun Ningal kana kelat
Inget tikukur nu kabur,
Lamun ningal liang lahat
Inget ditungguan kubur!

Lamun pareng

Hanjakal miang ka gunung
Janten teu terang basisir,
Hanjakal tepung salangkung
Janten ngalanglangan pikir.


Parikesit di Istrenan
Janten Diraja Hastina,
Nyungkelit dina impenan
Kanu taya di kieuna.


Purabaya keur munjungan
Ngadeuheus Batara Kresna,
Dimana ari Jungjunan
Nu deudeuh sareng mitresna.


Lamun emut ka Arjuna
Tangtos emut gondewana,
Lamun emut ka Anjeunna
Tangtos emut ka belana.


Halimun metengan gunung
Ngantos caang kulamina,
Lamun kaparengan tepung
Tangtos nganjang ka Bumina

Teu mecing

kacang katinggang kelewih
cabe dipacok cukakeh,
sanajan urang patebih
hate urang silih sangkeh.


Kuhoyong ngawédang bandrék
Tales jeung hui gandola,
Kuhoyong tepang sadérék
Anu leres bakal béla!

rungkun saga sisi gunung
dipeutik kunu ngalangkung,
mun jaga urang patepung
yu urang ka bale nyungcung

Naon make meuli puring
Da teu mecing jeung Kacina,
Naon Hate make rungsing
Di dieu teu salilana

Malati


malati kembang malati
kaiuhan ku kiara,
nu lami ngancik na ati
anu puguh mung salira

malati kembang malati
kabelitan akar eurih,
nu lami ngancik na ati
pamugi tong nganyeunyeuri

malati kembang campaka
sisi kawung jeung kiara,
ieu ati rek balaka
migandrung mung ka salira.

malati kembang malati
sisi lampingna galunggung,
nu lami ngancik na ati
tong sering nyieun kabingung.

malati kembang malati
endah najan rupa pita,
nu lami ngancik na ati
endah ngaropea cinta.

Mapay jalan dalem kaum

Ti Sénén tepung ka Sénén
Barangbang masih di poé,
Hengén ulah ngaharénén
Urang ngabangbrangkeun haté!

Mun kanari sisi leuwi
Ucing saha ngadodoho,
Lamun aki kawin deui
Cing saha nu mere kado.

Mapay Jalan dalem kaum
rintik hujan pabeubeurang,
Ayeuna teh eukeur saum
Cik ulah loba kahayang.

Mani hieum tangkal loa
aya lember na buahna,
Lamun teu sieun mertua
Abdi suwer rek midua.

Sanés hoé gaduh dua
Ngan ieu bahan rauteun,
Sanés haté ngarasula
Ngan ieu bahan émuteun!

Nyeri huntu

Kajeun abdi nyekel lisung
Batan kudu daék nutu,
Kajeun abdi arék nyandung
Batan daék nyeri huntu!

Ngali cikur ngala ganas
Dicandak mah ka ciparay,
Lamun ukur rek mapanas
Meningan urang paturay.

Salasa pendak Salasa
Ti Dago ka Sukajdi
Tong asa kahalang rasa
Sugan Jodo pakokolot

Sadinten di Rajapolah
Saparantos ti Cimanggung,
Mun Anjeun leubeut kanyaah
Tangtos seueur nu ngadukung!

Ibun na jukut tetelar
Walungan ngéplok caina,
Muhun da kitu ilahar
Geus nanjung poho jangjina!

Rayungan



Ti Cihideung ka Cicadas
Mawa Iwung jang ka lembur
Lamun emut kanu hideung,
Hariwang direbut batur.

Ka Cicadas meuli pita
Ka Cihideung pesen kembang,
Kanu bodas abdi cinta
Kanu hideung abdi sayang.

Ruyung keur nyoer Rajungan
Kapiting pating carapit,
Bingung ari nu rayungan
Pikir rungsing taya duit.

Na korang eusi talikur
Dua warna meunang misah,
Mun kongang jeung bisa akur
Duanana rek ditikah.

Wedang bandrek

Kuhoyong ngawédang bandrék
Tales jeung hui gandola,
Kuhoyong tepang sadérék
Anu leres bakal béla!

Citatah ka Situ Lembang
Caringin mani ngabadeg,
Talatah keur nu ngagémbang
Ngan Angin kalah gigideug

Cigondéwah asal sawah
Wangunan pating Arimut,
Kanyaah ieu ngalayah
Keur Jungjunan Kapiémut

Ngahoding rék maké tasma
Bedahan reujeung pantopel,
Mun hariring pataréma
Guligah rasa paantel

Sok hayang ka Bandung bae
Sok emut Jalan Bragana,
Sok hayang Patepung bae
Sok emut seueur belana,

Saung Jangkung

Aya Saung mani jangkung
damparna di palupuhan
Aya napsu nu Ngaberung 
Badan anu katempuhan

Digelung jeung dikarudung
Dikerpusan itu patung
digugulung matak nguyung
Napsu nu terus ngaberung.

Ka Trusmi milari Sinjang
Katut kerpus reujeung Sarung
Miris hate jeung hariwang
Inget laku nu kalarung.

Lamun Ningal kana kelat
Inget Manuk anu kabur,
Lamun ningal liang lahat
Inget ditungguan kubur!

Ulah geureuhan

Hayamna keur di peureuhan
Siihna arék di balur,
Urangmah ulah geureuhan
Bilih di geuhgeuykeun batur!

Meuli cikur kanggo balur
Balik nguseup ti Cigentur
Lamun akur reujeung dulur
Batur pada mikaresep.

Ti Cianjur rek ka Bandung
Reureuh heula di Cimahi
Jeung dulur hayang ngariung
Mageuhkeun Silaturahmi

Situsaeur Sukamulya
Girimis tepi Cilaki
Seueur dulur jeung Baraya
Tawis tambih Rejekina.

Ngala cabé anu dulur
Dipasihan sapipiti,
Lamun hadé reujeung dulur
Di Asih ku Maha Suci

Kado

Menang kado eusi bando
Kalender beut dina amplop
Nu bodo mah kabobodo
Kunu pinter nu karoplok.

Ibun na jukut tetelar
Walungan ngéplok caina,
Muhun da kitu ilahar
Geus nanjung poho jangjina

Kueh lapis anu legit
Ditenden na jero kulkas
Korupsi teu daek leungit
Cigana kudu diportas.

Buruk sotéh nu Jayanti
Nu Jati mah masih saé
Geruh sotéh teu kabagi
Nu nampi mah hare hare.

Gunung bohong di Cimahi
Ti Lagadar ge katara
Nu bohong pasti kapanggih
Nu cidra bakal katara.

Peupeuriheun

Ti Sumedang ka Panglejar
Kiara di sisi leuwi,
Kamelang jadi ngolembar
Nu bela beut gaduh deui?

Cucurut losna ka leuweung
Manuk manyar ngundeur hiris
Nu urut tong di pitineung
Nu anyar seueur nu manis!

Na eurih aya Cangéhgar
Ékék matuh dina kandang,
Peupeuriheun heunteu benghar
Haté atuh kudu senang

Kamari ka Purwakarta
Ngan geuning kalah ka Nagrek,
Milari nu di picinta
Ngan geuning teu acan pendak.

Bojongsoang Margacinta
Jalan Simpang Kabanjiran,
Lamun engkang mikacinta
Tong bimbang nampi ujian

Gondewana

Lamun emut ka Arjuna
Tangtos emut gondewana,
Lamun emut ka Anjeunna
Tangtos emut ka belana.

Hanjakal miang ka gunung
Janten teu terang basisir,
Hanjakal tepung salangkung
Janten ngalanglangan pikir

Purabaya keur munjungan
Ngadeuheus Batara Kresna,
Dimana ari Jungjunan
Nu deudeuh sareng mitresna

Halimun metengan gunung
Ngantos caang kulamina,
Lamun kaparengan tepung
Tangtos nganjang ka Bumina

Lamun inget jalan braga
abdi sok hayang ka bandung
Lamun inget kanu bela
Abdi mah hayang tepung.

Hujan leutik

Di Cimahi hujan leutik
Di Bandung hujan Silantang
Pikir Ati terus ngait
Migabdrung nu Jangkung Lenjang.

Kota kembang Kota Midang
Kota Bandung nya ngarana
Kagembang ku anu ilang
Bingung kamana neangna.

Kembang ros sumedeng beukah
dibere kunu bogana,
Tumaros kedah kasaha
Bebende atuh dimana?

Kembang ros gelombang cinta
na pidangan mani endah,
Rumaos kagembang cinta
ku wanoja sae manah.

Calingcing jeung pasir ucing
Naek tongkang di Cirata
Cicingmah pikir kurungsing
Rek diteangan cintana.

burisrawa

Tikukur hiber ti haur
Euntreup di galengan sawah
Hirup anu matak paur
Sieun laku lampah salah.

Kukupu euntreup na seureuh
Resik pisan na Latarna
Hirup mung ukur sareureuh
Pasti mulang ka Asalna.

Di sugu jeung di hampelas
Papan bakal jadi peti
Hirup heunteu salawasna
Pinasti panggih jeung pati.

Bima ngamangkeun gadana
Arjuna mawa gondewa
Di Dunya Urang teu lana
Matak ulah sok Jumawa.

Burisrawa ti Kurawa
Citrayuda ingkang rayi
Urang teu daya upaya
Sadaya kersana Gusti.
Salam Kaheman

Gulali

Gulali tangtu manisna
Teu sami jeung batrawali,
Naha lali pasinina
Kiwari nebihan Abdi.


Hoyong samak menang lampit
Kanggo amparan ditepas,
Abong ka jalma nu Alit
Gamparan teu mikawelas.

Panyileukan jeung Gang Lapang
Basa girimis kamari,
Di Lieuk teu daék datang
Naha pasinina lali!
Abdi mah kajeun ka Indung
Tibatan kudu ka Bapa,
Abdi mah kajeun rék pundung
Tibatan kudu di dua!

Ti Kembar badé ka Déngki
Reureuh di Gang Haji Kurdi,
Pabencar rasana ati

Beubeureuh beut gaduh deui!

Beuleum peuteuy

Beuleum peuteuy pencok hiris
Dina buleng di talian,
Peureum kadeuleu nu manis
Matak lung leng pipikiran.

Kong Liong caket Jamika
Pagarsih ka Sujapakirdi,
Kuhoyong caket Salira
Miasih sakait pikir!

Jatayu jalan Arjuna
Ngaleueut di jalan Kresna,
Hayu urang sadayana
Beungkeut ku simpay katresna!

Ngahoding rék maké tasma
Bedahan reujeung pantopel,
Mun hariring pataréma
Guligah rasa paantel!

Di Tonggoh Jalan Barala
Astana Pelak Jelema,
Sono Bogoh Ti Baheula
Iraha Bakal Laksana!

Barala

Di Tonggoh Jalan Barala
Astana Pelak Jelema,
Sono Bogoh Ti Baheula
Iraha Bakal Laksana!

Mawa Kacang, Kacang Panjang
Di Teukteuk Anggeur Namina
Akang mah hayang Nepangan
Miharep Caket Anjeuna!

Katapang baseh ku reumis
Karambatan tangkal waluh,
Patepang sareng nu Manis
Hanjakal aya nu gaduh.

Lamun ngimpi jadi raja
Pas lilir aya hanjelu,
Mun milari nu teu aya
Rasa tur pikir kalangsu.

Aya ngimpi nuju ngimpén
Lilirna janari ahir,
Ieu ati hoyong lirén
Nampi kana garis ahir

Lamun inget

Lamun inget nya ka bandung
Ras inget jalan bragana,
Lamun inget kanu pundung
Ras inget kanu belana.

Colénak pesen na pisin
Dina pincuk ogé hadé,
Ménak neuteup mani isin
Isin ku acukna saé!

Aya Kuda, Kuda Lumping
Di Payung Nokéran Lampit,
Aya Duda Nuju Ngibing
Di Panggung Nyawér Saringgit!

Bongan Jauh heunteu Deukeut
Pere masih di rorompok,
Bongan Wawuh heuteu Layeut
Hare-hare mun pa Amprok.

Hayamna keur di peureuhan
Siihna arék di balur,
Urangmah ulah geureuhan
Bilih di geuhgeuykeun batur!

Liburan

Liburan Ka Jatiwangi
Tumpak Sado Poé Kemis,
Haturan Wilujeng Wengi
Salam Sono Salam Manis!

Di Tonggoh Jalan Barala
Astana Pelak Jelema,
Sono Bogoh Ti Baheula
Iraha Bakal Laksana!

Mawa Kacang, Kacang Panjang
Di Teukteuk Anggeur Namina
Akang mah hayang Nepangan
Miharep Caket Anjeuna!

Meuli sarung ti Ciawi
di artosan di Karawang,
Pami gandrung ka sim abdi
di antos di jalan simpang.

Sukabumi teras Jampang
Liburan tumpak mobil treuk,
Upami urang patepang
Duduluran langkung rakeut.

Rarasaan

Manggu teu aya cupatan
Di euntreupan ku waliwis,
Malem minggu kaleleban
Neuteup poto anu geulis!

Lembang jeung Jayagirina
Situ Buleud Purwakarta,
Kagembang kanu seurina
Ka Baeudna oge Cinta!

Jandela reungat kacana
Da susah masang gantina,
Tetela inget cintana
Da susah neang gantina!

Mendak Gelang jeung Lélépén
Di simpen na kaso-kaso
Patepang kacandak ngimpén
Janten mantengkeun kasono!

Mun emut kana nyiruan
Tingsariak rarasaan,
Lamun emut ka anjeuna
Tingsareblak rarasaan.

Nanjung

Ngala lenca jeung surawung
Ku anggang balikna ripuh,
Aya béja eunggeus nanjung
Ngan ulah hilap ka sepuh!

Tangkal waluh sisi Imah
Ngarambat tepi jandela,
Lamun nuju mendak bungah
Ulah lali ka nu bela!

Salampakna kulit munding
Tamba teuing suku panas,
Lamun nyandak anu ginding
Nya Ulah teuing mapanas

Abdi hoyong duit ketip
Duit kencring nu baheula,
Abdi mah jalmi nu laip
Moal mecing jeung salira!

basa ngagimbung disawah
resep derep jeung tandurna,
mun Pangagung Mikanyaah
kedah kerep ngahiburna!

Goreng pisang

Goréng pisang bala-bala
Keur haneut raos nedana,
Beut hariwang kanu béla
Keur layeut duka kamana?

Ti Cilamé ka Cimérang
Kertajaya Pamidangan,
Teu anéh tuda Kahayang
Teu aya gé di Téangan!

Mendak Gelang jeung Lélépén
Di simpen na kaso-kaso
Patepang kacandak ngimpén
Janten mantengkeun kasono!

Cimanggung gunung Manglayang
Susu sapi di bulengan,
Bingung nguyung kumalayang
Rasa nu ka bungbulengan!

Pagendingan rajapolah
Kamari keur usum buah,
Dalingding ieu kanyaah
Mangga tampi ku kabingah!

Alim Korupsi

Aya pisin jeung pipiti
Eusina kabéh tarasi,
Lamun mah isin ku Gusti
Pasti alim da korupsi!

Mun ulin ka Sukamanah
Ngawiat salam Pangbakti,
Lamun Abdina Amanah
Rahayatna bakal Mukti!

Wadah huut tina kulit
Mani imet kana kojong,
Kedah emut kanu alit
Masing inget keur di rojong!

Ti padang geus mekel kupat
Naha maké di puragkeun,
Apan terang éta lepat
Naha maké di teraskeun!

Aspirin landong kasakit
Enggal simpen kana baki,
Pami maparin nu Alit
Bakal mayengkeun rejeki!

Kabogoh

Kembang gadung kembang eros
kembang kadu jeung tarate,
akang embung nyeri waos
komo kudu nyeri hate.

Kapinis ngumpul di leuweung
Digebah pating geleber,
Imut manis matak lungleng
Kana sirah matak lieur.

Malati sareng ermawar
Katembong kabeulit eurih,
Mun abdi tiasa nawar
Kahoyong alim patebih.

Bebence sareng titimplik
Nyumput dina saliara,
Mun simpe abdi sok ceurik
Ngalamun emut salira.

Beas bodas ketan hideung
Na boboko campur cikur,
Hanas abdi mikatineung
Kabogoh direbut batur

Kadeudeuh

Di Citatah ngala gedang
Di jual di Cipaganti.
Letah lir ibarat pedang
Mangka kudu ati ati.

Camara ti Bale endah
Di tawis di Sukabumi,
Piara basa sing endah
Tawis pribadi utami.

Kendang anu ti Cigentur
Di bawa ka Marga Cinta,
Nu gandang gaduh nu batur
Nu Urang nu Mikacinta.

Karinding ti awi hinis
Suling ditalian bola,
Anu ginding emang manis
Anu kuring anu bela.

Sadangserang Sarijadi
Reureuhna di Cinta Asih,
Mun urang janten ngahiji
Kadeudeuh ti Maha Asih!

Waktu

Loba daun nu kapiceun
Ngalayah dina tampian,
Loba waktu nu kapiceun
Ngulayab teu kadalian.

Metik cabé ngali laja
Ngeureut iwung sakalian,
Ati téh ku marojéngja
Inget kampung pangbalikan.

Kuraos nu nuju ngakeul
Andiprek gigireun dulang,
Rumaos can gaduh bekel
Mun parek di gero mulang.

Sok sieun ari barala
Kalabang nyoco panangan,
Sok sieun di saha-saha
Pas datang teu di tepangan.

Sasasih asa Sadinten
Di lembur jiga nu nganjang,
Sugan masih di percanten
Umur abdi masih panjang

Tawis Cinta



Jandela beulah kacana
hese masangkeun gantina,
Tetela geuning kacinta
hese rek neang gantina

Laukna mani karumpay
Di wahangan ting kocépat,
Buukna mani ngarumbay
Di sawang matak tibelat!

Salempay dina kiara
Di coér barudak récét,
Ningal gupayna Salira
Kana haté ting sérédét!

Hayang supa jeung sarundéng
Tambih udang jeung kelewih,
Na bisa bakal ngaréndéng
Pami urangna patebih!

Saninten di belah opat
Di bungkus talina pita,
Hapunten upami lepat
Ieu mung tawis micinta!

Naha

Aya gaang nuang timbel
Munding keur ngagayem areuy,
Pabeubeurang taya damel
mending urang sisindiran!

Cucurut ngobrol jeung beurit
Yuyu gaang seuseurian,
Camerut teu boga duit
Hayu urang sisindiran!

Bajigur lawuhna taleus
Papais jeung seupan hui,
Tong ibur nyebatkeun tilas
Bilih ké uwihan deui!

Di lapang keur maen bola
Di serangkeun babaturan,
Kahayang mah silih bela
Ngarah teras duduluran!

Urang sami pada ngidul
Naha leumpang beut ngalenggut,
Urang sami pada dugul
Naha make silih jenggut!

Nu Sae


Jumpluk lembur mani nyingkur

Jalana oge taringgul,
Seueur Saur euweuh bukur
Basa saena ngawadul.

Rancatan euweuh salangna
Kumaha bisa rek nanggung,
Panutan euweuh melangna
Kasaha kudu nyalindung.

Loba pisan anak meri
Di pipir mani rarecet,
Tega pisan nganyenyeri
Pikir abdi mani rajet.

Palang dada sisi sumur
Parigi pinuh ku huut,
Lamun jaga tepi umur
Mugia tinemu imut.

Asal kapas jadi benang
Nu saena ti banjaran,
Asal Ihlas tangtu senang
Nu sae tong Panasbaran,

Kahayang


Gang Luna Siti Mariah
Keur leutik sok huhujanan,
Kamana atuh kanyaah
Bati ceurik kaedanan!

Ti Kopo ka Cibolérang
Ka Kulon mendak Tanjakan,
Lamun sono urang Téang
Sempal guyon gogonjakan!

Walang keke Walang ireng
Sisi kulah dina catang,
Lamun engke urang sareng
Nyai tong loba kahayang.

Gaduh kangkung rek ditumis
Diwadahan kana rantang
Anu Jangkung hideung manis
Iraha laksana nganjang!

Cisaraten ge di aprak
Abdi sareng babaturan,
Hapunten pami ngacaprak
Ieu ukur sisindiran

Kaleleban

:Manggu teu aya cupatan
Di eunteupan ku waliwis,
Malem minggu kaleleban
Neuteup poto anu geulis!

Lembang jeung Jayagirina
Situ Buleud Purwakarta,
Kagembang kanu seurina
Ka Baeudna oge Cinta!

Mendak Gelang jeung Lélépén
Di simpen na kaso-kaso
Patepang kacandak ngimpén
Janten mantengkeun kasono!

Cimanggung gunung Manglayang
Susu sapi di bulengan,
Bingung nguyung kumalayang
Rasa nu ka bungbulengan!

Goréng pisang bala-bala
Keur haneut raos nedana,
Melang hariwang nu béla
Keur layeut duka kamana?